Wasta: Biya Mulky
Kelas: 11 IPA 3
IDUL ADHA
Dina Lebaran Idul Adha tahun ayeuna abdi sakulawarga ngiring qurban di Tasikmalaya.Qurbana sapi, sami sareng sawargi abdi nu aya di Tasikmalaya. Maksad abdi lebaran di Tasikmalaya salian ngumpul jeung dulur bari silaturahmi jeung nusejena.
Saenggeusna solat subuh kira-kira jam 4an, abdi nyiapkeun keur kaperluan solat sunat nu kabeneran tempatna di harepeun rorompok. Sarengsena solat sunat imam tuluy khutbah, ngan hanjakalna sakeudeung sabab teu kungsi lila murubuy hujan lila-lila hujana lumayan gede.Ahirna imam teh nutup khutbahna kulantaran jamaahna pahibut ngariuhan katempat nu aya di sakurilingna.
Tabuh 9an kurunyung sapi nu geus di jagal teh daratang prak panitia jeung nusejena tukang nyacag teh ngamimitian ngurus daging qurban. Sangkan supaya tartib hansip kaamanan di tempatkeun dihareup.
Tabuh 10an daging qurban teh ngamimitian dibagikeun kanu qurban. Daging teh langsung dibersihan tuluy disate. Lalaki kabagean numeuleumna nusejena nyieun bumbu jeung nusukan daging.
Sabagian daging qurban dibagikeun katatangga nu teu kalurban kusabab teu marampu.Sabagian deui diolah aya nu dijadikeun semur, kari, gule, abon, jsb. Acara idul adha beres kira-kira saengeus dzuhur.
Idul adha taun ieu kabeneran dina poe minggu, isukna nu ngalantor geus kudu arasup deui.Kukituna abdi sakulawarga sarengsena nyarate teh tuluy beberes keur persiapan mulang deui ka Bandung.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar